Thursday, November 01, 2007

ABAH IWAN (Ir. Iwan Abdulrahman)

"Balik ka Leuweung, indit ti Leuweung"


Bandung teh hiji kota anu kacida unikna nu mibanda karakter sarta sipat anu mandiri. Dina hirup kumbuhna kota, Bandung geus mere "inspirasi" henteu ngan ukur ka nagara urang wae, tapi oge umumna ka sakuliah dunya. Kacida lobana gerakan kapamudaan lahir, mekar sarta ngawujud di Kota Bandung, sarta jadi "inspirasi" pikeun kota-kota sejenna di Indonesia. Teu kaitung tokoh formal sarta informal nu digedekeun ku kasomeahan kota Bandung. Diantarana sebut wae: ti Ir. Soekarno nepi ka Aa Gym.

Salahsahiji Icon dayeuh Bandung dina widang kapamudaan, di antarana moal lesot tina peran Ir. Iwan Abdulrahman. Sebut wae komunitas Wanadri, Damas, PMB, UNPAD, kasenian (salahsahijina ngaliwatan BIMBO), widang kamiliteran (Instruktur Militer), tokoh "lingkungan hidup" sarta widang-widang sejenna.


Ir. Ridwan Armansyah Abdulrahman (Iwan Abdulrahman), anu langkung katelah ayeuna mah sok disarebat "Abah Iwan", dilahirkeun di Karangnangka, Sumedang, tanggal 3 September 1947. Caroge Hj. Djanuarsih Sariwati, dr, MS, kagungan putra 5 sareng parantos kagungan 1 putu. "Abah Iwan" teh putrana ti Bapa Abdurrahman suargi, manten dosen Fakultas Pertanian Unpad sareng Ibu Nyi Rd. Oyoh Partakusumah. Riwayat atikan "Abah Iwan" anu manten dosen Fakultas Pertanian Unpad di awitan ti SD BPPK, SMPN 2, SMAN 2 di Bandung, lulus ti Fakultas Pertanian Unpad taun 1975. Sawatara pendidikan "tambahan" nu kantos kalakonan, di antawisna di Sakola Para Komando Pusdik Passus Batu Jajar, taun 1967, Pendidikan terjun Bebas-Semplak Bogor, taun '67, Sakola Mud Engineer pikeun "pengeboran minyak lepas pantai", taun '84, Pendidikan/Latihan Basic Counter Terrorism di Manihawk Special OP, Center Georgia, USA, taun '86, Pendidikan/Latihan Long Range Patrol di LR Patrol School Alabama, USA, '86, Studi Tinjau Recruitment Program Royal Marine Commando Course, Inggris, taun '92, sarta Close Combat Quarter Course, Nevada, USA, taun '96. Kagiatan sanesna dugi ka ayeuna di antarana wae: Penasehat Masyarakat Cinta Citarum, Anggota Ketua PPS Satria Muda Indonesia, Anggota Kehormatan KOPASSUS, Anggota KADAMAS, Anggota Parachutist Club Indonesia.


Dina pandangan masarakat, Abah Iwan mangrupa tokoh "multifaset" sarta jadi asset pikeun Kota Bandung. Catetan prestasi atawa "track record" anjeunna di sababaraha komunitas masarakat parantos kauji dina saban mangsa. Kitu oge integritas sarta karakter nu aya dina dirina jadi berkah pikeun kota Bandung. Abah jadi fenomena kota dina jamanna. Dina kaayaan nagara nyanghareupan rupaning pasualan ku alatan ayana pacengkadan kapentingan (ideologi, politik, ekonomi, jste), anjeunna mah langkung teleb nyeukeutan batin ku cara tafakur ngisat salira, kontemplasi. Dirina milarian hikmah sarta substansi tina eta parobahan. Saparantos sababaraha lami, ieu manten dosen Fakultas Pertanian Unpad nu ayeuna aktif dina kagiatan wiraswasta sarta widang pendidikan teh ngaraos kenging panggupay pikeun ngiring ngaropea kahoyong masarakat, jadi "ujung tombak", minangka simbul sarta jadi "martir" pikeun perobihan kota Bandung nu dicita-citakeun ku urang balarea.

Dina obrolan sareng SundaNet.Com mah, diawitan ku rasa nu guligah, nonoman nu salirana keker tur cangker ieu teh sering angkat ka pileuweungan di antawisna pikeun nengrtremkeun manah, bari nuwuhkeun buleudna patekdan geusan bajoang geusan kamaslahatan bangsa. Atma jiwa Abah Iwan diteupa di leuweung-leuweung geledegan. Anu mawi aya cecepengan anjeunna anu kacida tandesana, hiji konsep anu kacida mundelna. konsep ieu teh nya "Balik ka Leuweung, Indit ti Leuweung".
"Upama urang hayang hirup dina jalan kamulyaan, di antarana nya di leuweung pisan ayana sumber kamulyaan ieu teh," saurna daria. Numutkeun Abah, upama urang aya di leuweung, saleresna saeusi eta leuweung sadayana keur "maraca tasbeh", dzikir, wiridan. Ku kituna urang oge bakal lebet kana hiji suasana sakral, anu sakujur sel-sel nu aya dina dina diri urang oge bakal nagalafadzkeun kaagunga asma Allah. Ku alatan eta, hartina leuweung teh ku urang kudu bener-bener dipiara. Leuweung nurutkeun Abah jadi sumber cai pikeun kahirupan balarea, oge dipiharep Bandung kudu jadi benteng dina miara cai.


"Saupamana urang tos aya di leuweung, teu tiasa urang hantem cicing di eta patempatan, margi, salaku mahluk sosial urang kedah bersosialisasi sareng masarakat," saurna. Nya di tempat ieu pisan, Abah Iwan ngarang sababaraha lagu nu ampir sabagian gede dipiwanoh ngaliwatan Grup BIMBO. Lagu-laguna sajalan jeung sikap hirupna nu wajar teu karaos ayana kesan direncanakeun. Ti nalika murangkalih keneh Abah Iwan resep kana dunya pileuweungan teh, oge aktip dina widang organisasi Pandu (ayeuna mah pramuka). Ku kituna henteu aneh saupamana Abah henteu ngan saukur dipiwanoh salaku "penggubah" lagu wae, tapi oge "penjelajah leuweung sarta gunung", puluhan kali "terjun payung", malah ahli maenpo anu dipisepuh di paguron Silat Bandar Karima. Dina taun 1971, Abah Iwan ngawangun hiji beungkeutan GPL (Grup Pecinta Lagu), kumpulan ti opat puluh-an nonoman anu daredeg-sembada midangkeun lagu-lagu nu ngagedur ku sumanget. GPL kaasup kelompok musik anu mibanda warna sarta karakter anu mandiri.
Ku pokalna Abah Iwan, wanda unsur lagu-lagu balada ngaliwatan sora gitar. Nya Abah Iwan pisan nu ngagedurkeun para nonoman pikeun mikagandrung musik-musik rayat.

Mang Koko

Haji Koko Koswara, nénéhna Mang Koko, lahir di Kacamatan Indihiang, Tasikmalaya, 10 April 1917. Ramana Ibrahim alias Sumarta, anu aya teureuh ti Sultan Banten (Sultan Hasanuddin). Anjeunna kagungan putra 8, diantawisna Tatang Benyamin Koswara (ayeuna pupuhu Yayasan Cangkurileung) sareng Ida Rosida (salah sawios panembang kahot sareng kungsi maén sinetron "Inohong di Bojongrangkong"). Atikan anjeunna dikawitan ti HIS (1932), MULO Pasundan (1935). Mang Koko kalebet anu ta'at sareng patuh kana agamana (Islam).

Padamelanna dikawitan ti taun 1937, mangsa bangsa urang nyanghareupan révolusi. Saterusna patutur-tutur didamel di: Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Harian Cahaya (Cahaya Simbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Propinsi Jabar, guru anu saterasna janten Direktur Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosen Luar Biasa di ASTI (Akademi Seni Tari Indonesia), Bandung, dugi ka pupusna ping 4 Oktober 1985.

Bakat seni sareng karya-karyana

Bakat senina ngocor ti ramana anu kacatet salaku juru mamaos Ciawian jeung Cianjuran. Saterasna anjeunna diajar ku nyalira ti seniman-seniman ahli karawitan Sunda anu parantos moyan, ogé neuleuman hasil karya widang karawitan ti Radén Mahyar Anggakusumadinata (musikolog).

Anjeunna oge kacatet salaku anu ngadegkeun rupa-rupa pakumpulan kasenian, diantarana: Jenaka Sunda "Kaca Indihiang" (1946), "Taman Murangkalih" (1948), "Taman Cangkurileung" (1950), "Taman Setiaputra" (1950), "Kliningan Ganda Mekar" (1950), "Gamelan Mundinglaya" (1951), jeung "Taman Bincarung" (1958).

Oge anjeunna anu ngadegkeun sakaligus jadi pupuhu munggaran ti "Yayasan Cangkurileung" puseur, anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan sakola-sakola sakuliah Jawa Kulon. Anjeunna ogé anu ngadegkeun tur pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI), Bandung (1971). Kungsi anjeunna medalkeun majalah kasenian "Swara Cangkurileung" (1970-1983).

Karya cipta kawih-kawihna dikempelkeun dina buku-buku, boh anu kungsi dipedalkeun atawa anu masih mangrupa naskah-naskah, diantarana: "Resep Mamaos" (Ganaco, 1948), "Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952), "Ganda Mekar" (Taraté, 1970), "Bincarung" (Taraté, 1970), "Pangajaran Kacapi" (Balébat, 1973), "Seni Swara Sunda/Pupuh 17" (Mitra Buana, 1984), "Sekar Mayang" (Mitra Buana, 1984), "Layeutan Swara" (YCP, 1984), "Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan"; jrrd.

Karya-karyana sanés ukur dina widang kawih, nanging ogé dina widang seni drama sareng gending karesmen. Dina lebah dieu kacatet, upamana bae: "Gondang Pangwangunan", "Bapa Satar", "Aduh Asih", "Samudra", "Gondang Samagaha", "Berekat Katitih Mahal", "Sekar Catur", "Sempal Guyon", "Saha?", "Ngatrok", "Kareta Api", "Istri Tampikan", "Si Kabayan", "Si Kabayan jeung Raja Jimbul", "Aki-Nini Balangantrang", "Pangeran Jayakarta", "Nyai Dasimah".

Pangajén ka Mang Koko

Mang Koko ginuluran seueur pangajén, boh anu asalna ti pamaréntah, lembaga atawa organisasi masarakat (LSM), upamana baé: Piagam Wijayakusumah (1971), salaku pangajén pangluhurna ti pamaréntah puseur (id: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan) dina kategori "Sebagai Pembaharu dalam Bidang Seni Karawitan".

Tina riwayat ringkes kahirupan Mang Koko, urang patepang jeung hiji manusa anu enggeus masrahkeun jiwa, raga jeung bandanna pikeun kahirupan jeung kalanggengan seni, hususna seni Sunda. Jembarna, pikeun anjeunna, merenah upami urang ngaleleran gelar salaku "pahlawan panglelemes jiwa". Sabab, sakumaha kasauran anjeunna keneh dina salah sahiji kawihna, seni teh ngarupakeun panglemes jiwa.

Rujukan

Ieu babad Mang Koko dicutat sagemblengna ti tumbu ieu [1]. Mugia dimaphum. Saupami kaabotan, mangga urang sawalakeun.

Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Mang_Koko"

Ayip Rosidi

Ayip Rosidi (Jatiwangi, 31 Januari 1938) téh saurang budayawan sakaligus sastrawan kahot. Anjeunna nyipta karya sastra dina basa Sunda jeung basa Indonésia, sarta loba ngawanohkeun sastra Sunda jeung Indonésia ka mancanagara.

Ayip aktif nulis, boh dina basa Indonésia atawa dina basa Sunda ti rumaja kénéh, umur 15 taun geus jadi Pamingpin Rumpaka Majalah Suluh Pelajar (1953-1955), sarta salajengna ngaluluguan sababaraha lembaga sastra, seni, pers, jeung budaya. Anjeunna ngadegkeun Yayasan Pusat Studi Sunda (2003) nu ngulik kabudayaan Sunda sarta Yayasan Kabudayaan Rancagé nu ngabobotohan tumuwuhna sastra lokal. Kungsi ngajar basa jeung kabudayaan Indonesia di Osaka Gaikokugo Daigaku (1981-2003), sagigireun ngajar ogé di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daigaku (1982-1995), Jepang. Naratas dilembagakeunana Hadiah Sastra Rancagé ti taun 1989, sarta mokalan lumangsungna Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) 2001 di Bandung. Buku-buku karyana geus leuwih ti saratus judul, mangrupa roman, kumpulan sajak, kumpulan carita pondok, mémoar, jeung biografi.

Karya-karyana

Tahun-tahun Kematian (kumpulan carpon, basa Indonésia, 1955)

Ketemu Dijalan (kumpulan sajak babarengan, basa Indonésia, 1956)

Ditengah Keluarga (kumpulan carpon, basa Indonésia, 1956)

Pesta (kumpulan sajak, basa Indonésia, 1956)

Sebuah Rumah Buat Haritua (kumpulan carpon, basa Indonésia, 1957)

Ayang-ayang Gung

Bébér Layar

Si Pucuk Kalumpang

Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Ayip_Rosidi"


MELLY GOESLAW

Saha anu teu kenal Mellyana anu kasohor ku ngaran Melly Goeslow, gadis kelahiran Bandung 7 Januari, 31 taun silam ieu sukses dina karirna dina taun ka 10.

Melly goeslow oge pangarang lagu sukses anu jadi inceran para penyanyi rekaman tinu ngaranna oge urang nyaho, lamun melly teh budak ti penyanyi era 80-an nyaeta melky goeslow.Melly oge mangrupakeun incu ti panyanyi keroncongan Suprapto Kibat. Ti dieu bakat seni geus ngalir dinu getih melly ti leuleutik Indungna oge Ersy Soekasih manrupa salah sahiji penyanyi Bandung ditaun 70-an.Indungna anu ngadorong lengkah melly ka dunya musik teh. Ceuk indungna ti leuleutik lamun Melly rek sare kudu aya radio leutik. Lamun euweh radio leutik Melly sok teu bisa sare..Lamun dibawa ka toko, biasana budak awewe mah sok hayang meuli boneka, tapi Melly mah sok hayang meuli kaset. Ti dinya katingali pisan, Melly geus boga jiwa musisi.

Melly ngamimitian karir musikna ti saprak di bangku SMP jeung diajar vokal di Elva Secioria. Terus melly oge ngiluan HAPMI .Ti saprak eta Melly mimiti nyieun prestasi di festival-festival musik misalna Juara III Festival Penyanyi Populer Indonesia 1989, Juara I Cipta Pesona Bintang RCTI 1992, Juara I Asia Bagus 1992, jeung Juara I Bintang Radio jeung Televisi SeJawa Barat 1993. Taun 1995 Melly, Anto Hoed, jeung Arie ngadirikeun band Potret sangkan manehna bisa mawakeun lagu-lagu ciptaan manehna sorangan.

Sanajan teu bisa maenkeun kabeh alat musik jeung teu bisa maca not balok, ahirna Melly kasohor jadi penyanyi jeung pangarang lagu anu cukup sukses jeung produktif.Melly kaasup salah sahiji musisi hebat nu karyana diparebutkeun ku para penyanyi. Tembang Menghitung Hari dinyanyikan Krisayanti jeung Tegar ku Rossa. Ieu mangrupa kadua karya melly anu paling kasohor. Jeung meunang penghargaan ti MTV (Menghitung Hari). Pernah nyieun sound track kanggo filem “Ada Apa Dengan Cinta”.

Melly oge salian ti sukses di bidang musik, dinu kisah percintaan’na oge teu weleh sukses. Nu berhasil naklukeun hate Melly nyaeta Anto Hoed, nyaeta babaturan’na Melly pas ngagabung dina band potret. Ti dinya mimiti muncul perasaan nu nyieun hate Melly jeung Anto jadi ngahiji. Kasuksesan Melly oge teu lepas tina peranan suamina Anto Hoed jeung kabeh kulawargana. Dukungan nu teu ereun-ereun di bere ku Anto Hoed ka Melly ti mimiti karir tepi ka ayeuna, nyieun Melly nyobaan hal-hal anyar sangkan aya kamajuan jang karirna. Kasuksesan Melly teu lepas tina peranan Bapana. Sanajan pernah kadenge kabar yen Melly teh kurang harmonis jeung Bapana.

Ceuk Melly, anjeunna ngarasakeun sorangan yen mawa ngaran kolot teh henteu ngagampangkeun sagalana. Manehna oge pernah nyieun master kamana-mana tapi ditolak. Tah berarti ngaran kolot the henteu ngagampangkeun kana sagalana. Sakabeh penggemar Melly pasti geus teu aneh deui ku penampilan penyanyi nu kasohor eksentrik eta. Sumanget Melly kanggo tampil beda jeung wanian lain ngan di konser wungkul, tapi dina acara formal oge Melly tetep pede ku gaya “nyeleneh”na eta.

Geus teu aneh deui lamun ninggali Melly wanian tampil “gila-gilaan” pas ngahadiri ajang MTV Indonesia Movie Award 2005 di JHCC. Melly katinggal ngcet rambutna ku warna hejo ngejreng jeung make-up anu kontras. Tapi nu paling nyedot perhatian tina acara eta nyaeta busanana anu dijieuna tina ratusan sedotan anu ukuran gede jeung rupa-rupa warna ngejreng nu dijieun kanggo bahan dasar pakeannana.

Lamun Melly teu ngagunakeun busana anu teu aneh,rasana sok teu pede ningalina. Ayeuna Melly boga awak nu gendut teu kawas baheula anu alus awakna,tapi eta teu ngahalangan Melly kanggo terus berkarya jeung berpenampilan ekstentrik.

“AGNES MONICA”

Agnes Monica Muljoto anu sok disebut Agnes. Artis rumaja,panyayi,presenter jeung bintang iklan nu resep belajar politik Sanajan masih ngora keneh,artis kelahiran Jakarta, 1 juli 1986 .gede pisan ambisina. Jujuluk kolotna ka Agnes nyaeta Nyez atawa Amon. Agnes miboga hobi Ice skate jeung Badminton.Agnes oge resep pisan ke warna biru,koneng,jeung hideung.Putri ti Ricky Muljoto jeung Jenny Siswono.Miboga hiji lanceuk nyaeta steve,anu beda 9 tahun umurna jeung Agnes.Di sakolana Agnes ka asup budak anu pinter.Manehna sakola di SD Tarakanita Pluit Jakarta. Di sakolana Agnes sok jadi juara kelas, padahal Agnes sibuk jadi panyanyi cilik.tapi manehna bisa saimbang dina duanana.

Agnes lain artis pendatang anyar di dunya hiburan Indonesia. Manehna ngamimitian karirna jadi panyanyi jeung presenter cilik.Tembang anu kasohorna nyaeta Si Meong,Yess jeung Bala-Bala.Terus manehna jadi presenter dina acara program barudak Tralala-Trilili di RCTI.Tapi manehna teu kawas panyanyi cilik nu lainna,nu sanggeus rumaja malah kurang kasohor. Malahan Agnes mah beuki gede the beuki kasohor di dunya hiburan teh. Agnes lain ngan saukur artis panyanyi hungkul,tapi manehna boga bakat model, bintang iklan,bintang sinetron,presenter jeung jago maca puisi. Dina acara maca puisi nu judulna “Opera Negeri Kaum terdakwa” di graha bhakti budaya, Taman Ismail Marzuki.manehna karek mimiti macakeun puisi jeung para tokoh politis kawas Amin Rais dan Syaifullah Yusuf, aktifis pembela buruh, iluan Faisal Basri, Nurcholis Madjid, pengusaha Siswono Yudo Husodo jeung para seniman Sawung Jabo, Taufiq Ismail dan Dewi Yull.

Aya oge sinetron nu paling sukses nyaeta “Pernikahan Dini” aya 76 episode,nu mana Agnes merankeun tokoh Dini nu geus kawin di umur nu ngora. Saacan “Pernikahan Dini” manehna oge ngabintangan filem “Lupus Milenia karya Hilman Hariwijaya di stasiun TV Indosiar.”

Agnes ngarasa tertarik kana urusan politik, sanajan teu ngerti tapi Agnes hayang pisan ngerti kana politik.

Loba pisan prestasi nu diraih ku Agnes Monica. Agnes pernah ngaraih panghargaan Bintang Sinetron Terfavorit Panasonic Awards nu di langsungkeun di Jakarta Convention Center.Pernikahan Dini oge asup kana drama serial terfavorit.

Agnes bisa ngabuktikeun yen manehna tetep kasohor dibandingkeun jeung para saingannana, Bella Saphira, Marcella, Nafa Urbach atawa Tamara Blezynski. Agnes geus narima panghargaan ieu saloba 2 kali.Saacanna oge Agnes ngaraih panghargaan anu sarua nyaeta tina SCTV Awards.

Sanajan kagiatannana padet,tapi manehna ngasah diri ku ngiluan kursus atawa Les. Mulai ti Les piano, Bahasa Inggris,jeung Bahasa Mandarin. Tapi sanajan kagiatanana padet,manehna nyempetkeun diri jang nyalurkeun hobina maen Ice Skate jeung badminton.Kagiatan tiap bulan oge rutin dijalankeun nyaeta show nyanyi tiap 3-5 kali sabulan. Agnes oge sempet show di Los Angles salama 10 poe pas kanaekan kelas.

Sanggeus lulus ti SD Tarakanita Jakarta,Agnes neruskeun sakola di SLTP Pelita Harapan. Kagiatanna beuki padet,nyaeta jadi presenter VAN jeung Tralala-Trilili.Manehna oge sempet ngaraih panghargaan Panasonic Awards versi presenter anak-anak terbaik taun 1999. Agnes oge nempatan urutan ka hiji polling artis nu nincak rumaja terbaik versi artis cilik.

Nincak rumaja di umur ka 14 Agnes beuki geulis jeung beuki loba penggemarna boh barudak boh rumaja. Nyez kitu jujulukna sok rajin tampil dimajalah rumaja. Agnes Loba ngabintangi,filem – filem rumaja kawas Lupus,Mr. Hologram.

Agnes oge mangrupa bintang iklan anu loba dipikareusep ku jalma loba. Geus loba iklan nu di bintangi ku manaehna,nyaeta : Anti Acne,Natur Pencuci Rambut, Kaos Poshboy, STIMIK AKI, jeubg nu anyar Sakatonik Abege.

Agnes Monica miboga Ambisi nu gede,boga target jang masa depan jeung sok usaha keras,pinter,jeung boga pede anu gede. Tapi aya oge sifat anu rada gorengna moody, perfeksionis jeung loba teuing kahayang.

No comments: